Unggal usik di memenan
Saban nyaring di keukeupan
Harepan bisa nyukupan
Malah mandar kahareupna bisa bukti
Keur diri mamawa harti
Mitengtrem hate sangkan teu marudah
Sela poe nyungsi peuting
Mangsa karasa asa manjangan
Lugina keur panglamunan
Ngangon kana pangharepan
Ngumbar ku susuganan
Keur muka lega na hate
Tong pisan heureut ku seunggah
Saban nyaring di keukeupan
Harepan bisa nyukupan
Malah mandar kahareupna bisa bukti
Keur diri mamawa harti
Mitengtrem hate sangkan teu marudah
Sela poe nyungsi peuting
Mangsa karasa asa manjangan
Lugina keur panglamunan
Ngangon kana pangharepan
Ngumbar ku susuganan
Keur muka lega na hate
Tong pisan heureut ku seunggah