Ma
Ieu kuring anak ema rek munjungan
Munjungan nu kaelatan
Talangke neangan hade
Suda na miharep pang du'a
Leuir pisan kana waci
Samporet keur nyare'at
Ma
Ayeuna kuring manjing kaduhung
Ieu hate rasa teu nangan
Hirup jauh tina pangharepan
Mun bisa wasa sarta kawasa
Hayang lila sosonoan
Hayang midang malik midayung
Mirig balik mipir wanci
Neang jalan dibalikan
Nyorang deui ngamimitian
Ma
Basa ema panjeg na papanggonan
Niat miang ka pangjarahan
Hate teu wasa neuteup
Nu puguh rasa ngarakacak
Teuteup ema anu seukeut
Milara jerona pisan
Pait peurih nu payus nandangan
Mun kawasa hayang marengan
Milampah pangibadahan na jalan kakaromahan
Ma
Ieu cimata nu wungkul bisa ngagambar
Beurat na hate mangsa salam sungkeman
Ngagabrug ngagalentoran
Teu cupar ku sawanci beakna
Nyeri nu titingal ayeuna nu pisan di turih hinis
Ka inggis teu bisa disinglar-singlar
Mikahariwang kaanggangan ema
Ma
Ayeuna kuring teu walakaya
Waktu ema miceun gupay na paparahon
Rindat ema nga runtag ka paninggalan
Ngawujud piwuruk lampah jeung laku
Cimata ema mere gurat isarat
Ngebrehkeun papatah ka hiji anak
Sanajan taya ucap nu kedal
Ema salawasna ngirim surti
Nganyatakeun asihna ema nu ikhlas
Ma
Bral ema geura miang
Minuhan pangulem tinu kawasa
Midang iman masang taqwa
Nyungsi jangji Allah anu pasti
Gusti anu salawasna nyubadanan
Du'a urang nu taya ma'naan
Ema miang di barung ku kahemana
Heman nu teu aya wates wangena
Ma
Kade hilap
Didinya aya gundukan taneuh
Nu pasti di ciri nu maneuh
Tungkusan anu pangmulyana
Pendeman Jsad nu mulya
Rasululloh aya didinya
Munajatkeun sadayana suprihkeun pangangkenan nana
Tumut turut janten umatna
Nabi Muhammad nu janten kakasih-Na
Ma
Kuring ngadadago ema
Mastikeun ema balik mulang
Pastikeun jalan ku kamulyaan
Kalayan wadah ka mabruran
Teu suda ku ka sinugrahaan
Pinuh dieusi ku kahiliman
Nyolendang gelar karomahan
Ma
Ieu kuring anak ema rek munjungan
Munjungan nu kaelatan
Talangke neangan hade
Suda na miharep pang du'a
Leuir pisan kana waci
Samporet keur nyare'at
Ma
Ayeuna kuring manjing kaduhung
Ieu hate rasa teu nangan
Hirup jauh tina pangharepan
Mun bisa wasa sarta kawasa
Hayang lila sosonoan
Hayang midang malik midayung
Mirig balik mipir wanci
Neang jalan dibalikan
Nyorang deui ngamimitian
Ma
Basa ema panjeg na papanggonan
Niat miang ka pangjarahan
Hate teu wasa neuteup
Nu puguh rasa ngarakacak
Teuteup ema anu seukeut
Milara jerona pisan
Pait peurih nu payus nandangan
Mun kawasa hayang marengan
Milampah pangibadahan na jalan kakaromahan
Ma
Ieu cimata nu wungkul bisa ngagambar
Beurat na hate mangsa salam sungkeman
Ngagabrug ngagalentoran
Teu cupar ku sawanci beakna
Nyeri nu titingal ayeuna nu pisan di turih hinis
Ka inggis teu bisa disinglar-singlar
Mikahariwang kaanggangan ema
Ma
Ayeuna kuring teu walakaya
Waktu ema miceun gupay na paparahon
Rindat ema nga runtag ka paninggalan
Ngawujud piwuruk lampah jeung laku
Cimata ema mere gurat isarat
Ngebrehkeun papatah ka hiji anak
Sanajan taya ucap nu kedal
Ema salawasna ngirim surti
Nganyatakeun asihna ema nu ikhlas
Ma
Bral ema geura miang
Minuhan pangulem tinu kawasa
Midang iman masang taqwa
Nyungsi jangji Allah anu pasti
Gusti anu salawasna nyubadanan
Du'a urang nu taya ma'naan
Ema miang di barung ku kahemana
Heman nu teu aya wates wangena
Ma
Kade hilap
Didinya aya gundukan taneuh
Nu pasti di ciri nu maneuh
Tungkusan anu pangmulyana
Pendeman Jsad nu mulya
Rasululloh aya didinya
Munajatkeun sadayana suprihkeun pangangkenan nana
Tumut turut janten umatna
Nabi Muhammad nu janten kakasih-Na
Ma
Kuring ngadadago ema
Mastikeun ema balik mulang
Pastikeun jalan ku kamulyaan
Kalayan wadah ka mabruran
Teu suda ku ka sinugrahaan
Pinuh dieusi ku kahiliman
Nyolendang gelar karomahan
Ma
Tidak ada komentar:
Posting Komentar