Kamis, 01 November 2012

Bingung

Peuting rasana teu tepung ka wanci isuk
Sakiceup reujeung sarenghap bet rasa bisa diitung
Panon seukeut ngukuyahkeun eusi pikir
Pagaliwota jeung samara hate nu teu bisa nyebutkeun rasa
Renghap ranjugna jajantung motah merdayakeun tanaga
Sajongjongan muter uteuk neangan sugan nu kawenehan
Nu ngahudang sumanget jeung kakuatan
Nyingraykeun kabingung ulah mawa nu teu manggih tungtung
Misahkeun kahoream nu salawasna ngukuntit lengkah
Reupna panon merenahkeun kahayang sanajan kana lebah nu can nyampak

Rungrumna bingung ngahudang komara miraga sukma.

Senin, 22 Oktober 2012

Lalewang

Ray isuk ray poe
Umur nungtut nyontangan mangsa
Sa ese oge taya nu ka liwat
Renghap jeung kicep minangka nyieun itungan

Wirahma jumawa teu manjing kana laguna hiru
Unggal niti wanci teu nincak kana purwadaksina
Kerep lengkah kana patojaiyah
Keupat leumpang loba teu lempeng
Rigig saukur miyuni bebegig

Minggu, 24 Juni 2012

Komara Waruga

Lamun tea mah saban diri ngarti kana lalakon pribadi masing-masing, pohara temen ieu dunya bakal tengtrem na teh. Ngan orokaya sagalana ngan saukur harepan. Nu tinggal lamunan.
Sok we geura urang miaji diri, pasti bakal kakoreh hiji harti nu  nyangkewok dina eusi sewang-sewangan. Heueuh eta oge sotenan lamun urangna bisa jeung mampuh ngahartikeunnana. Angger we mun urangna hare-hare mah moal pisan kapanggihna teh.


Sabenerna ceuk dina katerangan mah, waruga nu wujud ayeuna teh geus di kokolakeun ti mimiti umur opat bulan dina jero beuteung indung. Mimiti nyukcrukna ruh kana saguruhul getih nu nyangkoyot dina jeroeun rahim. Medar weh tidinya mah catetan jalan pikahirupeun nu sagalana geus dicawiskeun kunu Maha Kawasa. Iraha brolna kumaha ngalalakon mangsa hirupna jeung iraha pimaoteun na. Nu kitu ngarana qodlo jeung qodar teh. Kaharti mun tea mah urang ngan saukur boga kahayang. Ilaharna  manusa ari urang boga kahayang mah, malah mah pan dititah ku Alloh kudu ihtiar, tapi kudu sadar kana alas urang nu dingaranan qodho jeung qodar tea.

Kamis, 21 Juni 2012

Hate Lalungse

Konengna layung nu ngagebur teu bisa ngarobah kaayan hate nu lungse. Datang unggal poe teu pisan mawa rasa harepan kangeunahan. Di itung ti saratus poe ka tukang ngan ukur baluweng jeung baluweng nu kasorang. Pikir jeung hate teu bisa ngahiji dina rasa, nu antukna patojaiyah jeung kahayang.

Layung ngagiring harepan miris kana hate nu unggal sore datang pikeun nyorang panjangna peuting. Sabihari hate weleh teu bisa cenghar. Nguluwut jeng pajurawet miyuni bola pagujud. Saban sore pisan eta rasa teh datang, nepikakeun rasa harepan longkewang mun rek datang beurang. Tacan ari peunggas mah harepan teh sanajan geus awir-awiran.

Ngontrek Hate

Mun teu inget kana nasib, geus ti anggalna keneh rek ngabudalkeun kakeuheul teh. Ngan orokaya hate leutik teu merean basana teh susuganan kahareupna midang ka mulyaan.Rek teu keuheul kumaha atuh da unggal di tanya iraha-irahana teu mere wae kapastian. Kedeui kedeui jawabna teh. Nya antukna mah jurus sabar dipetakeun. Sok sanajan karasana cangkeul hate.

Selasa, 22 Mei 2012

Jalan Hirup

Sakapeung humandeuar, sakapeung nyerengeh seuri koneng nepi ka ngakak nyeri kulit beuteung. Nginghak jeung ngabangingik sakali-kali marengan. Kingkilaban ngaharewoskeun sagala rasa nu salawasna nyading ngadangding jeung jalan hirup.