Kamis, 21 Juni 2012

Hate Lalungse

Konengna layung nu ngagebur teu bisa ngarobah kaayan hate nu lungse. Datang unggal poe teu pisan mawa rasa harepan kangeunahan. Di itung ti saratus poe ka tukang ngan ukur baluweng jeung baluweng nu kasorang. Pikir jeung hate teu bisa ngahiji dina rasa, nu antukna patojaiyah jeung kahayang.

Layung ngagiring harepan miris kana hate nu unggal sore datang pikeun nyorang panjangna peuting. Sabihari hate weleh teu bisa cenghar. Nguluwut jeng pajurawet miyuni bola pagujud. Saban sore pisan eta rasa teh datang, nepikakeun rasa harepan longkewang mun rek datang beurang. Tacan ari peunggas mah harepan teh sanajan geus awir-awiran.

Seunggahna nyangharepan isuk nu bakal besuk, bari ngajingjing ipis harepan tur poek peuting nu netelakeun poekna hate. Atra mere siloka nu kudu nyiar jalan pikeun lengkah. Mun aya kahayang keur maju eta oge. Lamun tea mah taringgul kudu nyaho taringgulna. Ulah nepika tunggul di rarud catang di rumpak. Nu antukna ruksak raga taya tangan pangawasa.

Keun sore urang teang deui isukan, keur ayeuna jieun wawanen pikeun nyanghareupan peuting jadi sayaga. Malah mandar harepan tetep nyorang kasinugrahaan. Mawa wawar keur kahareupna. Dina ieu peuting jewang hate nu bedang wangkelang. Keueum dina walungan pangtobatan. Guyur di tampian bangingik, mandian ku pancuran kingkin, kumbah ku cai panon ikhlas. Cukcrukan ku sujud sukur. Papatahan ku kahemanan. Tanwande harepan hate jadi gede.

Dina peutingna pikir nu salawasna jingjrit muir, gasik jiwir ka beulah dzikir. Lelepkeun ka empang kalewang. Sena ngarasakeun hemanna Pangeran. Bawa pelesir ka lebah kodrat jeng takdir. Meungpeng aya mangsa ka wanci babalik. Pikir nu sabenerna teu boga kawasa, leuleuskeun di sawah puasa. Siuman tina dosa, beresih di susutan ku tobat bari diparaban solat. Merenahkeun akal kanu Kawasa. Pasti pikir jadi kusir, nu nyepeng kadali iman.

Tadi peuting nu poek mongkleng buta rata, ayeuna ngajadi ramyang-ramyang ku geus datang wancina carangcang tihang, pikir jeung hate ngarasa guligah. Bari mawa harepan jeung kakuatan keur ngeurad akal kana raga. Buleud ngajadi hiji. Meungkeut jangji nu pasini. Ngatur lengkah babarengan sapikir jeung sahate. Moal dek ngaluli-luli pancen tinu Maha Suci.

Sumirat cahya sarangenge nyumarambah mawa haneutna patekadan nu rek moyan. Nyingraykeun lalangse hate. Nu ti kamari di wincik nepi ka janari mawakeun carita diri. Kiwari geus jagjag deui, tohaga rek nyanghareupan gogoda. Kakuatan diri nu nyanding, dihin panasti pamaparin tinu Maha Suci.

Duh Gusti nu Maha Suci. Mugi-mugi Gusti netegenan kana iman abdi. Abdi alim iman pecat ti diri abdi.
Duh Gusti nu Maha Heman. Dosa abdi nu lir ibarat budah laut, mung Gusti nu tiasa nampi kana tobat abdi.

Tidak ada komentar: