Ma
Ieu kuring anak ema rek munjungan
Munjungan nu kaelatan
Talangke neangan hade
Suda na miharep pang du'a
Leuir pisan kana waci
Samporet keur nyare'at
Ma
Ayeuna kuring manjing kaduhung
Ieu hate rasa teu nangan
Hirup jauh tina pangharepan
Mun bisa wasa sarta kawasa
Hayang lila sosonoan
Hayang midang malik midayung
Mirig balik mipir wanci
Neang jalan dibalikan
Nyorang deui ngamimitian
Ieu kuring anak ema rek munjungan
Munjungan nu kaelatan
Talangke neangan hade
Suda na miharep pang du'a
Leuir pisan kana waci
Samporet keur nyare'at
Ma
Ayeuna kuring manjing kaduhung
Ieu hate rasa teu nangan
Hirup jauh tina pangharepan
Mun bisa wasa sarta kawasa
Hayang lila sosonoan
Hayang midang malik midayung
Mirig balik mipir wanci
Neang jalan dibalikan
Nyorang deui ngamimitian