Can mangkuk sapajodogan
Can nepi sapangrenghapan
Kiceup can anceg beunta
Unggeuk can parat tanggah
Lieuk can linggih malik
Izrail geus sigep manten
Nyawa nu kamari panganten
Keur senang nyanding kaputren
Masih asih nyindang geten
Hese nawar taya hapunten
Nyawa leupas teu katangen
Nya kamari keneh
Manehna jagjag awak tur teu aneh
Nitih mipir na wanci anu lameh
Mapay jalan tacan katincak kabeh
Manusa gagah rajana eleh
Taya nu nyana gancangan paeh
Kodar jeung takdir jelas jeung ebreh
Sup ka kubur nu pantes poek
Bungkus boeh meungkeut mangkek
Beuheung ge parat ka cekek
Rogok akar teu kakadek
Awak hade di sosoek
Karep mah da hayang naek
Munkar Nakir sigep nalek
Jawab nu pasti tong sakemek
Gambar amal ibadah sing daek
Hey jalma nu masih hirup
Tong lalawora mawa nu surup
Pek hade lampah geura dahup
Ibadah nulana tong rasa cukup
Pasti setan moal eleh ngahurup
Pageuhkeun iman memeh taneuh ngarungkup
Hamo bisa peuray lingkup
Hayu dulur urang baur
Hirup sakabeh na sing akur
Na tempat elmu nu ngebur
Maripih ibadah sing jujur
Loba lake saeutik catur
Reakeun amal sing subur
Sing inget ka jero kubur
Cuang cieung taya batur
Gusti, paniisan 10102011
Can nepi sapangrenghapan
Kiceup can anceg beunta
Unggeuk can parat tanggah
Lieuk can linggih malik
Izrail geus sigep manten
Nyawa nu kamari panganten
Keur senang nyanding kaputren
Masih asih nyindang geten
Hese nawar taya hapunten
Nyawa leupas teu katangen
Nya kamari keneh
Manehna jagjag awak tur teu aneh
Nitih mipir na wanci anu lameh
Mapay jalan tacan katincak kabeh
Manusa gagah rajana eleh
Taya nu nyana gancangan paeh
Kodar jeung takdir jelas jeung ebreh
Sup ka kubur nu pantes poek
Bungkus boeh meungkeut mangkek
Beuheung ge parat ka cekek
Rogok akar teu kakadek
Awak hade di sosoek
Karep mah da hayang naek
Munkar Nakir sigep nalek
Jawab nu pasti tong sakemek
Gambar amal ibadah sing daek
Hey jalma nu masih hirup
Tong lalawora mawa nu surup
Pek hade lampah geura dahup
Ibadah nulana tong rasa cukup
Pasti setan moal eleh ngahurup
Pageuhkeun iman memeh taneuh ngarungkup
Hamo bisa peuray lingkup
Hayu dulur urang baur
Hirup sakabeh na sing akur
Na tempat elmu nu ngebur
Maripih ibadah sing jujur
Loba lake saeutik catur
Reakeun amal sing subur
Sing inget ka jero kubur
Cuang cieung taya batur
Gusti, paniisan 10102011
Tidak ada komentar:
Posting Komentar