Minggu, 27 November 2011

Peuting Kamari


Peuting kamari
Peuting munggaran dina taun anyar
Tanggal kahiji Muharam
Dina abad ka opat welas liwat opat windu

Waktu nu pasti jeung tangtu
Mangsa nu tara cidra datang
Wanci nu dihin geus pinasti
Nu diitung ukur isuk jeng sore
Mangsa diliwat lugina
Mangsa pisuwung hanca

Kamis, 24 November 2011

Ema Mulang


Ema
Mangsa ema nincak taneuh Madinah
Kabayang sumirat rasa kabungah tina manah ema
Nu estu pagaliwota antara sedih bungah jeung
Tumaninah tetegenan dina iman
Padeukeut rasa ka nu Ngageugeuh
Tengtrem ayeng diulem ku nu kagungan

Ema
Nu unggal waktu ema ingkah
Di raudhoh ema sumringah
Unjukan ka hadrah Rasulullah
Nu micinta jeung nu dipikacinta
Kontak ilahiyah miwujud kakuatan taqwa
Marengan iman nu salawasna sumarambah

Jumat, 04 November 2011

Maot

Maot
Memang ukur maot
Nu bisa mutuskeun kahayang
Megatkeun karempan
Nyacapkeun kacinta
Nyampurnakeun hirup

Maot
Panto nu teu weleh narima
Jeung bakal salawasna narima
Asupna kahirupan kana lawang maot
Moal bisa mundur mulang
Moal bisa minge heula
Moal bisa maksa asup
Moal bisa mirusa tiheula