Minggu, 27 November 2011

Peuting Kamari


Peuting kamari
Peuting munggaran dina taun anyar
Tanggal kahiji Muharam
Dina abad ka opat welas liwat opat windu

Waktu nu pasti jeung tangtu
Mangsa nu tara cidra datang
Wanci nu dihin geus pinasti
Nu diitung ukur isuk jeng sore
Mangsa diliwat lugina
Mangsa pisuwung hanca


Urang manusa ngan ukur ngagogog omong
Teu harti teu bukti
Tarekah rea di teang teu dijirim jadi tamba
Nyungsi elmu kunu ngaji
Meunangna saukur pinuji
Nguber ubar unggal hibar
Awak talangke hese rek make
Nu antuk ambruk teu puguh lumbuk

Urang manusa ngan saukur ngitung
Dina mangsa ganti taun
Nyumponan jumlah keur ngitung umur
Pangrasa umur geus kolot kalakuan mah miorok
Cenah mah umur nu manjangan
Nu jelas beuki mondokkan
Loba teh ukur itungan
Nu pasti beuki ngurangan

Urang manusa nu pinuh ku sarakah
Hayangna ngamilik dunya ku sorangan
Pangrasa bakalna betah tumaninah
Tiisuk nepi ka isuk
Gilir sore nepi ka sore
Peuting jempling ku teu eling
Mangsa sepi babakti
Nyorang tanaga nu dibabawa
Keur ngancik nyungsi dudunya
Padahal dunya ukur pang bibita

Hate anu salawasna sare
Simpe dihalangan lalangse
Miang-miang mimiti hudang
Ngawuwuh panggeuing nu tacan leuir
Ngoneal nyungsi ka jati
Nu lila henteu ka riksa
Mimiti tanggal hiji
Peuting kamari

 Tipaniisan, 1 Muharram 1433 ~ 27 Desember 2011.

Tidak ada komentar: