Kamis, 24 November 2011

Ema Mulang


Ema
Mangsa ema nincak taneuh Madinah
Kabayang sumirat rasa kabungah tina manah ema
Nu estu pagaliwota antara sedih bungah jeung
Tumaninah tetegenan dina iman
Padeukeut rasa ka nu Ngageugeuh
Tengtrem ayeng diulem ku nu kagungan

Ema
Nu unggal waktu ema ingkah
Di raudhoh ema sumringah
Unjukan ka hadrah Rasulullah
Nu micinta jeung nu dipikacinta
Kontak ilahiyah miwujud kakuatan taqwa
Marengan iman nu salawasna sumarambah
Ema
Di lengkobna arofah lir lautan ngawadah
Pating gerendeng ngarapal do'a nu pinuh ka himeng
Nitih niat ngalaksanakeun panghajian
Mirig pangharepan pangampunan
Sumujud sumerah kana kalemahan
Teu gaduh wasa kawasa
Tiwit lemah mulang lemah
Arofah lir sagara karomah

Ema
Liwat rukun yamani mabit di muzdalifah
Lain tanaga nu kudu kawasa
Ukur ku hate anu kuat pengkuh
Komo na mangsana towaf nu loba silih seredna
Kabayang ema ngembing tatali
Nyinglah raga paya teu ka gence't
Ema teu gimir mawa wawanen
Pikeun ngelehkeun karempan kamelang

Ema
Miharep bisa nyium ka batu hideung
Hajar aswad tea ngarana
Lain rek nyembah ngahamba kana batuna
Tapi nyusud tapak pang nyium ti Rasulna

Tada teuing bungahnya
Bisa nurut tapak Nabi na
Muhammad nu jadi kakasihna

Ema
Malengpeng jumroh lir ngahurup syetan ku tujuh kakuatan
Nu salawasna kulayaban
Mitebar na mangmang ka teu yakinan
Ngabeungkeut sakuriling bungking ku angkara jeung kamurkaan
Kaingkaran tur kakufuran
Nu teu weleh mergasa
Di jero jeung luar kurungan

Ema
Ayeuna tamat kabehna parukunan
Ema mulih mawa kahemanan
Nu nyungsi na pangawakan
Mingpin hate nu leukeunan
Nuluykeun kamabruran
Mabrurna ema mabrur nu salawasna
Ngadegkeun haji dina jero pribadi

Ema
Ayeuna geus mulang
Bari mawa pangharepan
Nyungsi kana kawaluyaan
Cindek di kasinugrahaan
Kadeudeuh tinu kagungan
Alloh ta'ala nu pinuh kaheman

Tipanyingkiran, 23 November 2011

Tidak ada komentar: