Jumat, 08 Juni 2018

Bapa Mulih

Pa...
Bapa...
Bapa ka mana
Ieu ujang cuang cieung
Ujang karek sadar geuning bapa geus teuaya

Bapa
Naha bapa gesut mulih
Na mangsa ujang can pupulih
Bapa can ningali ujang ajeg
Leumpang oge ujang mah jumarigjeug
Jauh ka pikir kana jejeg

Bapa
Hate ujang peurih
Mun wasa mah ceurik getih
Mangsa jonghok jeung bapa nu geus jadi layon
Tanaga sirna awak ngajejetreng teu puguh lalakon
Karep hayang nuturkeun bapa nolak tetekon

Bapa
Ujang handeueul
Pagaliwota kadiri gedé kakeuheul
Naha ujang henteu gumati
Mumule bapa samemeh mati
Ayeuna rasa nyeri ka pati pati

Bapa
Basa ujang nangkeup bapa digeugeubig
Can percaya kana titis nu tos ditulis
Bapa henteu angkat ka mimiti nyata bapa mulih ka jati
Ka heman na gusti dina waktu nu dipinasti
Waktu nu mawa bapa mulang ka asal

Bapa
Cimata kasedih ujang moal sena marengan angkat na bapa
Sawargaloka ngagupay teuneung ka bapa
Ujang rek rido, moal hamo teu ikhlash
Robbul izzati nu qodim tos nganti-nganti

Bapa