Heueuh
Ari jalma pasti keuna ku owah gingsir
Aya mangsa bungah aya mangsa susah
Datang mangsa gering ganti mangsa cageur
Ronghe'ap kadaek jebul kakedul
Kitu jeung kitu pamolahna
Heubeul pisan heuleutna antara kadaek kahalangan pangedulan
Sanajan kokolebatan ngahelaran
Angger
Can datang mah kahayang teu mungguhan uget
Sugan
Ayeuna keur luang na loba
Pikir nyampeur nu tadi teu di sorang
Malah mandar napelkeun deui kamonesan renghap
Nu kungsi nyubadanan susurupan
Mun ras inget
Teu kawawa sajung-jungeun
Rek matrikeun nu kacatet dina pikir
Murulukeun nu nyangheuy na keupeul
Me'h bisa medar peperenian nu can ka koreh
Yap ayeuna mangsana
Tigin kana jangji
Ngamimitian medarkeun jariji
Sanajan mirig susuganan
Kahayang mah manjang salawasna
Heueuh
Susuganan
Bandung, 24 Maret 2015