Deuh beungeut
Anjeun milawas mangsa ku moyankeun diri
Golepak ngénca jeung ngatuhu
Murulukeun waktu miceunan mangsa
Huleng jeung jentul ukur nu jadi kasabna
Taya sudana unggal nyaring
Deuh beungeut
Mileuleuheungkeun mun tea mah aya cai nu ngawudluan anjeun
Ngajongklokeun hulu nyusud tuur muru sujud
Ngulengkeun uteuk kana Dzat Gofur
Satungtungna mibanda hampura
Ngaguar lalangse dosa nu jadi panghalang
Deuh beungeut
Mun tea mah kasampeur mangsa taya raga
Rep sirep sidakep rékép munjungg Nu Maha Agung

Seuseuh rasa mokaha sina jadi rasa misaha
Peureut cai mangmang nepi ka garing ku yakin
Kibringkeun kasulayaan ku pasini janji ka Ilahi
Deuh beungeut
Sing inget purwadaksina
Wujud nu jirim bakal balik jadi jisim
Tekah paripolah di bungkus di anteurkeun kanu ngayuga
Keur dijadikeun saksi di pangadilan tanggung jawab
Tidak ada komentar:
Posting Komentar