Lamun tea mah saban diri ngarti kana lalakon pribadi masing-masing, pohara temen ieu dunya bakal tengtrem na teh. Ngan orokaya sagalana ngan saukur harepan. Nu tinggal lamunan.
Sok we geura urang miaji diri, pasti bakal kakoreh hiji harti nu nyangkewok dina eusi sewang-sewangan. Heueuh eta oge sotenan lamun urangna bisa jeung mampuh ngahartikeunnana. Angger we mun urangna hare-hare mah moal pisan kapanggihna teh.
Sabenerna ceuk dina katerangan mah, waruga nu wujud ayeuna teh geus di kokolakeun ti mimiti umur opat bulan dina jero beuteung indung. Mimiti nyukcrukna ruh kana saguruhul getih nu nyangkoyot dina jeroeun rahim. Medar weh tidinya mah catetan jalan pikahirupeun nu sagalana geus dicawiskeun kunu Maha Kawasa. Iraha brolna kumaha ngalalakon mangsa hirupna jeung iraha pimaoteun na. Nu kitu ngarana qodlo jeung qodar teh. Kaharti mun tea mah urang ngan saukur boga kahayang. Ilaharna manusa ari urang boga kahayang mah, malah mah pan dititah ku Alloh kudu ihtiar, tapi kudu sadar kana alas urang nu dingaranan qodho jeung qodar tea.