Kamis, 21 Juni 2012

Ngontrek Hate

Mun teu inget kana nasib, geus ti anggalna keneh rek ngabudalkeun kakeuheul teh. Ngan orokaya hate leutik teu merean basana teh susuganan kahareupna midang ka mulyaan.Rek teu keuheul kumaha atuh da unggal di tanya iraha-irahana teu mere wae kapastian. Kedeui kedeui jawabna teh. Nya antukna mah jurus sabar dipetakeun. Sok sanajan karasana cangkeul hate.
Lamun tea mah teu wani kana harga nya sok atuh leupaskeun ulah di cangcang bari diganggayong. Mun wani sakumaha kahayang yap geura sok, pan genah mun kitu. Hanca garapan teu ka boler jeung moal mawa riweuh ka nu lian. Eta tuda mun jelema leutik wawanen mah hese di ajak gempungan. Rek di lawanan bakal pikawatireun, ari di antep tutumaneun. Bingung pan mun kitu.

Sok geura, mun diitung mah geus rek mangkuk tilu bulan ti mimiti ngajangjian nepi ka danget ieu teh. Dina mangsa tilu bulan pan teu sirikna lieuk deui lieuk deui nepika beuheung sosongeteun. Lamun dipake ngokolakeun nu aya meureun geus meunang bati tilu koronjo mah. Lain beubeunangan saeutik pan mun kitu. Lamun medar tidieu urusanna pimanjangeun, bakal kabula kabale lilana.

Inget harita basa ngasongkeun surat onslah ceuk kolot tea mah, yen mimiti tangal dua hiji bulan opat masehi rek undur tina pagawean. Poho deui tangal jeung poean mikeun suratna mah. Harita oge geus aya ciciren kana hate teh moal gasik di satujuan. Ngan dari pada diheungheun mending di kedalkeun ameh teu bucat tina tarang ceuk babasaanna mah.

Isukna di geroan titah nyanghareup ka dunungan, ceuk hate ieu rek marancahan supaya teu jadi kaluar. Heueuh we basa di ajak asup ka rohangan paranti sawala, dunungan ngahulag kaluar. Basana mah cenah rek naon diluar oge taya pagawean nu siga didieu alusna, batan diluar mah mending didieu wae; cenah.
Ngadenge omongan dunungan kitu teh hate nyeak panas, suaban pisan pan. Disebut alus mun alus mah teu nanaon, ieu mah ngakukeun alus ari dohirna amuradul, rek kumaha alusna pan.

Geus dunungan ngomong kitu, cekeng teh teu nanaon da diluar rek goreng oge lain keur maneh. Pokona cindek weh rek kaluar. Tas kitu manehna ngaluarkeun jurus pangoloan; hayang naon atuh cenah. Teu gasik di jawab, da pikir teh ngan saukur pangoloan. Aya kana tilu kalina nanya kituna teh. Nya geus lah kasempetan mun daekun mah. Urang bere tanjakan we, mun wani ku butuh pasti nyumponan mun henteu tea mah nya wayahna we. Wani piro....
Ari heg teh manehna nyumponan kana tanjakan di sodorkeun, tapi eta oge bari menta sarat. Antukna sasatujuan.

Lila ka pikir, ku ayeuna mah asa rugi kacida. Di itung-itung teh mending keneh nyanghareupan di luar batan di dieu. Heurin usik ari panghasilan dina isedna oge ngan saeutik. Mun di luar mah leuwih gede ngan memang aya resiko; kudu lincah neangan lolongkrang, karek bisa cumpon.

Nya memang ieu nasibna matak kitu oge. Hoream kari hoream, met hade cul dog dog tingal igel, moro julang ngaleupaskeun peusing. Yaaaaaah sabar sajaaaaah ngukur waktu nu nyesa. Dibejakeun sotenan pedah keur ngontrek waktu batan ngalamun.

Tidak ada komentar: