Minggu, 24 Juni 2012

Komara Waruga

Lamun tea mah saban diri ngarti kana lalakon pribadi masing-masing, pohara temen ieu dunya bakal tengtrem na teh. Ngan orokaya sagalana ngan saukur harepan. Nu tinggal lamunan.
Sok we geura urang miaji diri, pasti bakal kakoreh hiji harti nu  nyangkewok dina eusi sewang-sewangan. Heueuh eta oge sotenan lamun urangna bisa jeung mampuh ngahartikeunnana. Angger we mun urangna hare-hare mah moal pisan kapanggihna teh.


Sabenerna ceuk dina katerangan mah, waruga nu wujud ayeuna teh geus di kokolakeun ti mimiti umur opat bulan dina jero beuteung indung. Mimiti nyukcrukna ruh kana saguruhul getih nu nyangkoyot dina jeroeun rahim. Medar weh tidinya mah catetan jalan pikahirupeun nu sagalana geus dicawiskeun kunu Maha Kawasa. Iraha brolna kumaha ngalalakon mangsa hirupna jeung iraha pimaoteun na. Nu kitu ngarana qodlo jeung qodar teh. Kaharti mun tea mah urang ngan saukur boga kahayang. Ilaharna  manusa ari urang boga kahayang mah, malah mah pan dititah ku Alloh kudu ihtiar, tapi kudu sadar kana alas urang nu dingaranan qodho jeung qodar tea.

Pek geura kuurang pikiran, memang moal inget mah kana paripolah urang keur orok. Da can dibere inget sabab can di bere nyaho. Ngan ukur dibere ilham keur ngartikeun rasa wungkul, rasa nu nyangking ka diri. Lapar, goar-goar we ceurik. Pasti hayang dahar eta orok teh. Cobaan we antelkeun curuk pasti bakal digemol. Ngan salah indungna mun saukur di bere curuk mah da moal piwaregeun. Mun keuna ku tiris ngear deui pasti, rup di simbutan pan jep deui.
Elmu nu sumarambah model kitu teh terus ngeusian kana paripolah sabari mapayq umur nu diitung unggal menit. Can aya nu ngayakeun kursus ceurik atawa kursus seuri. Nepika bisa ngorondang.
Ceuk sareat eta sagalana diajarkeun ku indung bapana, hakekat sabenerna mah pan ku nu Maha Kawasa sagalana oge.
Indung jeung bapa dipihapean alias di amanatan keur ngadidik jeung ngabingbing pileumpangen kana jalan anu bener. Ulah waka dihartikeun lamun urang dibere amanat teh sarua jeung dibere anugrah. Sabab amanah mah kudu babalitungan di akheratna.
Balikeun deui ka diri urang, orok nu karek borojol wae oge geus bisa make kana naon nu disebut 'rasa', era kacida model jelema nu geus dibere pikir tapi 'rasa' dilesotkeun. Tong aneh mun ningali jelema sombong jeung jelema agul, nu model kitu jelema nu poho kana rasa. Babasaan nu sok kadenge 'pangrasana anu padahal anu', eta ngandung harti geus salah nerapkeun rasa.

Ngamprokeun rasa jeung pikir dina mangsana bisa ngagambarkeun hiji kasampurnaan raga. Pikir beda pisan jeung rasa. Pikir mah kudu diajar jeung moal ujug-ujug bisa, pikir mah pastina wae kudu make jalan mikir. 

Tidak ada komentar: