Ray isuk ray poe
Umur nungtut nyontangan mangsa
Sa ese oge taya nu ka liwat
Renghap jeung kicep minangka nyieun itungan
Wirahma jumawa teu manjing kana laguna hiru
Unggal niti wanci teu nincak kana purwadaksina
Kerep lengkah kana patojaiyah
Keupat leumpang loba teu lempeng
Rigig saukur miyuni bebegig
Mun seug ras kana kahayang
Taya basa nu di pungpang
Geus prak tara asup kanu dibayang
Polah badan mahiwal jeung kendang
Yeuh fikir kudu gasik babalik
Ulah mawa raga geus disiksik
Beleke pisan ka rupana jurig
Miceun waruga nyungsikeun bilik
Hamo pisan mawa bekel
Mun niat henteu tawekal
Hirup nungtut teu make akal
Pinasti ditungtung manggih hanjakal
Umur nungtut nyontangan mangsa
Sa ese oge taya nu ka liwat
Renghap jeung kicep minangka nyieun itungan
Wirahma jumawa teu manjing kana laguna hiru
Unggal niti wanci teu nincak kana purwadaksina
Kerep lengkah kana patojaiyah
Keupat leumpang loba teu lempeng
Rigig saukur miyuni bebegig
Mun seug ras kana kahayang
Taya basa nu di pungpang
Geus prak tara asup kanu dibayang
Polah badan mahiwal jeung kendang
Yeuh fikir kudu gasik babalik
Ulah mawa raga geus disiksik
Beleke pisan ka rupana jurig
Miceun waruga nyungsikeun bilik
Hamo pisan mawa bekel
Mun niat henteu tawekal
Hirup nungtut teu make akal
Pinasti ditungtung manggih hanjakal
Tidak ada komentar:
Posting Komentar