Senin, 07 Oktober 2013

Harewos ti Jinis

Tuur nu ngajujugur karep ditangkeup
Hésé rék ngoléséd
Gado nu nagog kahayang ditanggeuy
Nyangheuy numpang teu mungpang
Mata caleuy teu puguh neuteup jugjugan
Kulayaban neang ka jero taya raratan
Estuning pikir hese ngancik kana lilir
Mérénan kahayang nu teu kongang
Balatak mancawura teu kawadahan

Rabu, 08 Mei 2013

Ngawawaas Mangsa

Sore
Anggang ka sareupna
Layung hibar merenahkeun cahya
Henteu morérét haneut rasana
Ngagebur nguyabkeun lalangse sore

Manuk nu puguh laguna
Nganteuran wirahma ningtrim ati
Nungkus paroman nalangsa
Sanajan éstu geus ébréh ka eusina

Nungkulan waktu nu tangtu
Hésé néang kasabaran
Élékésékéng teu garenah cicing
Raga diwujud loba owahna

Curucud hujan maseuhan lemah
Ngusap ka hanaang nu teu lantis
Anger teu cupar ku saésé
Nétélakeun rongkahna galura jeroeun dada

Teu puguh rasakeuneuna
Rek mekas mések kaséréd ku kingkin
Pon kitu bangingik teu bijil disimbutan kabingung
Kumaha nya kudu lampah

Layung surup teu kanyahoan
Ibarat nu mupuas
Hujan geus sajongjongan raat
Pantes mun werat ninggalkeun

Tinggal tunggul nu masih candekul
Ka geuing ku panggero Alloh

Yap geura sholat
Yap geura teangan bagja

(bari rus ras na handapeun tangkal bunut)

Jumat, 26 April 2013

Cimata Cinta

Naha
Ku teu karasa
Antare pisan
Cimata juuh kana lahunan

Reana tangtungan mimilu ngurus
Ngukur ku itungan henteu ka tangèn
Ciciren dina waruga mibanda màna
Nu ka aku kureana jalma

Mangsa manehna némpokeun kaunian ahéng
Ciri nu lain tisasari
Lian mangsa jeung ayana
Sanajan ngan ukur beja
Nu nyebar saalam dunya

Jauh mun ngukur kujur
Aggang ku sawangan
Tapi teu kitu
Cumantelna rasa ku nikmat
Eta rasa nepi ka anggangan

Beja nu di bawa angin
Namplokkeun ka tugenah rongkah
Netelakeun ku écés
Yen manehna mibanda komara jugala

Ayeuna anjeun geus taya dikieuna
Tapi komara masih ngagalura
Loba umat nu ngarasa lara
Ditinggalkeun maot ku manehna

Anjeun geus mileuleuyan ti kadunyaan
Simpe anteng dina karohiman
Alloh nu gofur ngajadikeun dosa-dosana lebur
Sirna dilindih ku agung na amal

Bral....

(kanggo pangersa uje almarhum)

Selasa, 26 Maret 2013

Leuleuweungan

Sapajodogan mah ngahuleng anteng
Neang raratan rasa nu tacan ka hontal
Mipir mipir sisi ati nu kungsi kasungsi
Ngorehan ringkang nu susuganan datang
Jentulna raga werat mun di unggah ku basa
Hamo kagambar ku ngan saukur carita
Wéleh pisan teu manggih jawaban
Mun diukur ku anggang meureun geus menang salapan nagara
Geuning nu kajugjug can aya hibar kanyangsa
Ngitung mangsa geus asa pisan lilana
Cangkeul beuheung lain saukur babasan
Ngan sukur bisa renghap jeung huap
Liana taya harepan nu nguntup kana kahayang
Ari cita-cita nu aya saukur jadi kalangkang
Ngabibita kanu keur kasmaran
Hate mah tétéréjél marudah
Kakuatan raga kari dina niat
Nungguan mangsa nu harepan kasorang