Tuur nu ngajujugur karep ditangkeup
Hésé rék ngoléséd
Gado nu nagog kahayang ditanggeuy
Nyangheuy numpang teu mungpang
Mata caleuy teu puguh neuteup jugjugan
Kulayaban neang ka jero taya raratan
Hésé rék ngoléséd
Gado nu nagog kahayang ditanggeuy
Nyangheuy numpang teu mungpang
Mata caleuy teu puguh neuteup jugjugan
Kulayaban neang ka jero taya raratan
Estuning pikir hese ngancik kana lilir
Mérénan kahayang nu teu kongang
Balatak mancawura teu kawadahan
Rus ras rasa jeung pikir leupas tina dzikirMérénan kahayang nu teu kongang
Balatak mancawura teu kawadahan
Malengos teu bisa di peperuh ngaos
Keun anteur meureun bener
Bral ngencar malar jembar
Moal risi mun nyungsi leuwi
Hamo melang tinemu pedang
Jugjugeun nunggu nu kuuleu
Bral ngencar malar jembar
Moal risi mun nyungsi leuwi
Hamo melang tinemu pedang
Jugjugeun nunggu nu kuuleu
Lain beja nu can nyata
Lain cenah nu teu merenah
Tapi hiji tina sewu bukti
Sakeprul usul tina saukur ngajejentul
Pikeun neang sajati bukti
Nu bisa mindah mindah bakti
Lain cenah nu teu merenah
Tapi hiji tina sewu bukti
Sakeprul usul tina saukur ngajejentul
Pikeun neang sajati bukti
Nu bisa mindah mindah bakti
Heubeul saukur netela waktu
Ngoréh poé nungguan tanwandé
Susuganan ngalurana wujud usaha
Barokah jeung rohmah pastina sumarambah
Meunang jeung eleh teu jadi ukuran
Pasti syukur nu nyurup jeun kujur
Ngoréh poé nungguan tanwandé
Susuganan ngalurana wujud usaha
Barokah jeung rohmah pastina sumarambah
Meunang jeung eleh teu jadi ukuran
Pasti syukur nu nyurup jeun kujur
Tidak ada komentar:
Posting Komentar