Selasa, 22 Mei 2012

Jalan Hirup

Sakapeung humandeuar, sakapeung nyerengeh seuri koneng nepi ka ngakak nyeri kulit beuteung. Nginghak jeung ngabangingik sakali-kali marengan. Kingkilaban ngaharewoskeun sagala rasa nu salawasna nyading ngadangding jeung jalan hirup.



Humandeuar ngawangsit kahoream jeung kaseunggah nu mupujuhkeun kana pangedulan. Sok sanajan loba urusan nu kudu dipilampah. Lengkah ngadadak heureut, waruga ngadadak beurat keur ngokolakeun sagala potensi diri nu geus di cawiskeun kunu Maha Kawasa.
Renghap nu panjang netelakeun yen jerona harepan nu jauh tina kanyataan. Mun arek tea mah ulah pisan di pirig ngan ku saukur lamunan. Sabab eta pikir moal bukti mun teu bisa di wujudkeun kana alam nyata. Loba harti nu nyamuni sajeroning lamunan. Asal lamunan eta ku urang diamprokeun jeung sistematika (undak usuk) kahirupan nyata.

Serengehna urang lain serengeh nu samanea, tapi serengeh nu ngandung harti. Serengeh nu netelakeun ayana harepan sanajan ngan sajorelat. Harepan nu di heungheum dina kandungan pamikiran. Serengeh nu mawa sumiratna harepan bakal ngabebur jadi cahya gilang gumilang nu nyaangan jalan hirup. Teu cukup ku nyerengeh wungkul nu teu bisa ngabuktikeun wujudna harepan dina kanyataan.
Serengehna nu beda jeung seuri koneng. Seuri nu ngandung harti kakuciwaan atawa seuri nu ngandung harti miboga rasa hanjakal atawa rasa nyeri. Sanajan kanyeri eta teu nyaliara. Tapi cukup bisa ngabuktikeun samara hirup anu kacida lobana (variatif). Asin jeung haseumna, amis jeung paitna.

Ngakak ngawangun harti kasenang nu teu bisa di hartikeun sarua jeung kabungah. Bedana kasenangan jeung kabungahan atra dina makna jeung rasa. Kabungah moal bisa di gambarkeun dina bentuk anu atra, kabungah ngan bisa di rasakeun ku galurana aweuhan dina jero dada. Kabungah ngan saukur rasa nu teu bisa di wincik nepi ka bubuk leutik. Rasa nu ngan saukur bisa dijadikeun tatakan syukur.

Datangna ngakak sok di pirig ku ngabangingik nyugri kanyeri, kasedih, kapilara. Ceurik jeung sedih salah sahiji reaksi tina katugenah nu geus nyaliara. Tapi salian ti kitu, ceurik bisa ngagambarkeun kabungah nu teu aya wates wangena.

Vareasi hirup nu pinuh ku sindang siloka, bisa di interpretasikeun (dibuktikeun) ku sakur urang nu bisa ngokolakeun gambaran (visualisasi) hirup jadi bahan referensi dina ngambah pungkal pengkol na jalan hirup anu taringgul. Urang bisa ngala jeung mulungan harti tina hirup mun urang bisa ngejawantakeun tina visualisi nu nyamuni.

Pinter kacida urang mun bisa kitu. Bisa misahkeun mana obat, mana racun. Turta eta pisan nu di cawiskeun ku Alloh dina Al-Qur'an, aya leuwih ti 100 lafadz nu netelakeun yen urang salaku manusa di titah mikir sabab geus di bere akal. estuning "supaya maraneh kabeh malikir".

Wallohu 'Alam bi as-Shawaab.

Tidak ada komentar: