Unggal usik di memenan
Saban nyaring di keukeupan
Harepan bisa nyukupan
Malah mandar kahareupna bisa bukti
Keur diri mamawa harti
Mitengtrem hate sangkan teu marudah
Sela poe nyungsi peuting
Mangsa karasa asa manjangan
Lugina keur panglamunan
Ngangon kana pangharepan
Ngumbar ku susuganan
Keur muka lega na hate
Tong pisan heureut ku seunggah
Mangsa kacida gancang liwatna
Peuting karasa jadi sakeudeung
Lamunan can parat cacap
Jebul isuk haget ngageuing
Mirusa manusa sangkan usaha
Ngajurung duriat meh teu pegat
Mirosea hanca nu tacan kariksa
Lengkah nu biasana gagah
Jadi suda taya ka rosa
Sanajan nincak di kerepan
Anggangna ngan ukur satapak
Pangedulan jadi angkeuhan
Hate nolak taya alesan
Nu pasti lain kituna
Mun nilik na niatna hate
Kajanglar lain hoream
Tapi neang katumaninah
Mepende hate nu rancage
Miceun adigung nu teu guna
Pasrah kan hanca bagean
Narima milik na diri
Sakieu pantes syukurna
Handeueul lain pamustungan
Kamari lain isukan
Tekad nu aya geura buleudan
Pageto geus siap nungguan
Mapag pangharepan sangkan kasorang
Harepan nu jadi lamunan
Ti paniisan, 28 Desember 2012
Saban nyaring di keukeupan
Harepan bisa nyukupan
Malah mandar kahareupna bisa bukti
Keur diri mamawa harti
Mitengtrem hate sangkan teu marudah
Sela poe nyungsi peuting
Mangsa karasa asa manjangan
Lugina keur panglamunan
Ngangon kana pangharepan
Ngumbar ku susuganan
Keur muka lega na hate
Tong pisan heureut ku seunggah
Mangsa kacida gancang liwatna
Peuting karasa jadi sakeudeung
Lamunan can parat cacap
Jebul isuk haget ngageuing
Mirusa manusa sangkan usaha
Ngajurung duriat meh teu pegat
Mirosea hanca nu tacan kariksa
Lengkah nu biasana gagah
Jadi suda taya ka rosa
Sanajan nincak di kerepan
Anggangna ngan ukur satapak
Pangedulan jadi angkeuhan
Hate nolak taya alesan
Nu pasti lain kituna
Mun nilik na niatna hate
Kajanglar lain hoream
Tapi neang katumaninah
Mepende hate nu rancage
Miceun adigung nu teu guna
Pasrah kan hanca bagean
Narima milik na diri
Sakieu pantes syukurna
Handeueul lain pamustungan
Kamari lain isukan
Tekad nu aya geura buleudan
Pageto geus siap nungguan
Mapag pangharepan sangkan kasorang
Harepan nu jadi lamunan
Ti paniisan, 28 Desember 2012
Tidak ada komentar:
Posting Komentar