Maot
Memang ukur maot
Nu bisa mutuskeun kahayang
Megatkeun karempan
Nyacapkeun kacinta
Nyampurnakeun hirup
Maot
Panto nu teu weleh narima
Jeung bakal salawasna narima
Asupna kahirupan kana lawang maot
Moal bisa mundur mulang
Moal bisa minge heula
Moal bisa maksa asup
Moal bisa mirusa tiheula
Maot
Sapada harita teu wakca nyarita
Hibar ti anggal werat geus wawar
Wungkul takwana bisa datang nyaho
Nu nyungsi yakin bakalna manjing
Yen maot pasti datangna
Yen maot hamo bisa nyinglarna
Yen maot nyukcruk nu nyingkur
Yen maot ngaprak na raga
Maot
Di pas waktuna
Teu bisa maju jeung mundur
Teu bisa nawar mun hayang nawar
Teu talangke make harese
Teu cidra kana wanci jangji
Pasti jeung pasti pisan datangna
Maot
Tetekon ti nu Maha Suci
Manusa ngan ukur bisa pinasti
Ti panitipan, Oktober 2011
Memang ukur maot
Nu bisa mutuskeun kahayang
Megatkeun karempan
Nyacapkeun kacinta
Nyampurnakeun hirup
Maot
Panto nu teu weleh narima
Jeung bakal salawasna narima
Asupna kahirupan kana lawang maot
Moal bisa mundur mulang
Moal bisa minge heula
Moal bisa maksa asup
Moal bisa mirusa tiheula
Maot
Sapada harita teu wakca nyarita
Hibar ti anggal werat geus wawar
Wungkul takwana bisa datang nyaho
Nu nyungsi yakin bakalna manjing
Yen maot pasti datangna
Yen maot hamo bisa nyinglarna
Yen maot nyukcruk nu nyingkur
Yen maot ngaprak na raga
Maot
Di pas waktuna
Teu bisa maju jeung mundur
Teu bisa nawar mun hayang nawar
Teu talangke make harese
Teu cidra kana wanci jangji
Pasti jeung pasti pisan datangna
Maot
Tetekon ti nu Maha Suci
Manusa ngan ukur bisa pinasti
Ti panitipan, Oktober 2011
Tidak ada komentar:
Posting Komentar