Senin, 10 Oktober 2011

Heueuh Maot

Heueuh maot pisan
Teu nyaho wanci kiwari
Rek peuting rek beurang
Sore atawa isuk bisa datang
Keur sare atawa hudang
Keur susah atawa senang

Heueuh maot pisan
Tara mere beja heula
Can pernah permisi heula
Teu keur kumaha
Teu nyaho urang can mitembeyan
Teu apal urang can hahagetan


Heuheuh maot pisan
Tara pinilih jirim
Teu mamaca jasad
Orok di rorok
Budak diudag
Kolot di cokot
Keur belejag di rewe'g
Gering komo di giring

Heueuh maot pisan
Panto pimanjing ka kalanaan
Keur nitih ka abadian
Nu dunyana senang can tangtu senang
Nu sangsara teu tigin ku sangsara
Akherat pastina kanyana
Sabab geus bewara ti Nabi na

Heueuh maot pisan
Nu kudu urang nyaho
Ngarah bisa tatan-tatan
Timangsa ayeuna pisan
Tong rasa hirup rek lana
Nu lana ngan akherat na

Heueuh maot pisan
Hirup urang bebekelan
Loba ibadah jeung amalan
Konci keur kasinugrahaan
Nitih bagja di kalanggengan.

Gusti, ti panitihan 10102011

Tidak ada komentar: