Kamis, 22 September 2011

Papanggungan

Hareudang
Bayeungyang
Neuteup panggung nu pada migandrung
Ngatrakeun watek kamanusan
Ngajirim dina sisi kalindihan
Hiji dua geus niat silih paehan
Miceun heman ngalobakeun pacengkadan

Panggung pinuh ku pandungdung
Negbrehkeun heman nu ilang
Teu malire kana wiwirang
Silik tampik silih tarajang
Nu lalajona milu perang




Panggung nu asalna ajeg nangtung
Ngarumpuyuk ngudar papayung
Nilepan ampar pangwulang
Neukteuk leukeur melah jajantung
Namatkeun caritana dongeng


Panggung lir hiji nagari
Nu asal pinuh pinuji
Gemah ripah loh jinawi
Alus ahlak ngajati diri
Nu ariman balawiri
Hirup syukur ka nu Maha Suci

Ayeuna geus ilang, geus euweuh
Perang wirang beuki meuweh
Pacental omong teu pernah reureuh
Papada urang teu pikadeudeuh
Teu malire kabeh panggeureuh
Sesana tinggal geugeuleuh

Ngakuna rek ngatur ngawangun
Menerkeun tukang jeung payun
Na tarekah keur kayungyun
Hasilna bukti geus pikun
Kabeh gawe henteu junun

Ka dulur teu mawa akur
Sok komo nyaah ka batur
Neang kadunyaan nu dilajur
Uteuk lieur awak nyungkur
Teu inget mun nepi ka tungtung umur
Mun maot telat ka syukur
Nu di ruang ngan ukur awak sakujur
Teu mawa amal keu jadi batur

Ayeuna waktu nu nyata
Yap dulur geuwat bareunta
Geura ingkah buru-buru lunta
Ahir jaman na kongkolak mata
Loba ibadah saeutikeun pamenta
Tong teuing loba kabita
Mawa matak ka supata

Gusti, Tikahariwang 09/23/2011

Tidak ada komentar: