Kamis, 15 September 2011

Panungtungan (1)

Anaking
Yap kadarieu sing deukeut
Ema menta karep kahidep
Meungpeung masih bisa wasiat samemeh ema pegat
Meungpeung masih bisa papatah samemeh ema paeh

Anaking
Sing inget, hirup di dunya teh ukur ngumbara
Kudu loba pepelakan pikeun pibekeleun
Neang tarekah keur mopolah sawah
Sawah nu salawasna kudu ngemploh
Leubeut ku ranggeuyan
Ngeusi ku beubeutian



Anaking
Sawah ulah diantep garung
Sabab bakal ukur rasa kaduhung nu digugulung
Taya ihtiar nu mawa hegar ukur mawa humandeuar
Sawahna dunya nu urang kudu pinuh ku pepelakan ibadah
Urang pakaya ku taqwa malah mandar mangsana panen mikaya

Anaking
Mapay jalan dunya lir ibarat ngambah disagara
Hidep kudu numpak parahu iman
Ngagunakeun pangwelah taqwa
Dibekelan ku handap asor
Dieusian ku shodakoh jeung tafakur
Tanwande hidep salamet nepi ka peuntas

Anaking
Ulah aya hirup di tungtungan kaduhung
Hidep geura tatan-tatan
Ema moal bisa lila-lila
Ngaping ngaguling hidep
Ayeuna ema geus dipapag
Tuh Izrail parantos nyampak
Pikeun mawa nyawa ema
Ema deuk nunggu hidep dipanungtungan
Tungtung tinu jadi akhir
Akherat nu pasti ayana
Pileuleuyan anaking
Pileuleuyan


Gusti. Panoongan. Agustus 23, 2011 (Romadhon 23, 1432H)

Tidak ada komentar: