Rabu, 21 September 2011

Pangedulan

Wanci subuh geus jauh na tungtung
Sumirat cahaya carangcang tihang
Wanci niti ninggang ka beurang
Waruga nampuyak hese rek oyag
Neang kahayang nu can kasorang

Humandeuar mawa hawa nu teu hegar
Mungkus hayu pikeun nyumputkeun haliwawar
Nyingkah lengkah keur neang tarekah
Pukah tur cekah samemeh ingkah
Teu surti kana kabutuh diri
Teu ngarti kana wawatek raga



Pikir muter kana waktu nu teu kauber
Ngadongkang lilinger malahmandar bener
Harepan nu kungsi dicangking dipager
Peunggas kadupak nafsu na lagu angger

Pamotongana can kungsi ka ungsi
Can kapanggih sanajan di teang kaunggal sisi
Indit teu jig inggis ku bisi


Karep heureut rempan ku sugan
Lamunan nu terus di temonan
Antukna pinanggih kahanjakalan

Nyuksrukeun isuk
Nyingraykeun beurang
Ngalalangsean sore
Ngaluluguan kasuda
Nembongkeun lolohong
Bati na ngan renghik deui
Renghik deui
Tiisuk nepi kasore
Ukur nyacapkeun ngimpi dina sare.

Bral isuk rek anyar datang
Geura mungkus geura miang
Keur muka inten harepan
Miceun harega pangedulan

Ngabuburit ti anggang jauh 21/9/2011

Tidak ada komentar: