Laa ilaa ha illaallooh
Laa ilaa ha illaallooh
Lapad nu ngagalura awor jeung sora ceurik
Nu hese dipingit-pingit
Ngagiring rasa miris
Ati nyeri lir diiris hinis
Najan beungeut manco
Mawa rasa siga nu jago
Waruga nu salawasna ngogo
Ayeuna rek mawa poho
Mimiti narik tina tungtung jariji
Ebreh katingali semu nu nyeri
Renghap beuki beurat nyingratkeun kateukuat
Rindat nu nu nyumirat ngadung isyarat
Nu kedal ukur cimata
Ngajajap Ema kana baka
Renghap suda dina dada
Ngajaga lapad paya teu pegat
Laa ilaa ha illaallooh
Reup peureum, leungeun sidakep
Ngajurung nyawa ka alam langgeng
Jeritna ati parat ka langit koceakna parat ka mega
Inna lillaahi wa inna ilaihi rooji'uun
Gusti nu Maha Suci
Mangga tampi ema abdi
Ema nu di piaji seja mulih ka sajati
Abdi jalmi ukur memedi
Taya bukti nu jadi pimilik
Sadaya kagungan Gusti
Ema
Abdi nampi kana takdir
Narima kana qodar
Rido galih ema mulih
Najan hate ceurik balilih
Harepan doa abdi
Ema ngancik dina karohman Gusti
Ema salawasna di kabagja
Kabagjaan nu sajati
Wilujeng ema
Wilujeng
Gusti. Panoongan. Agustus 23, 2011 (Romadhon 23, 1432H)
Laa ilaa ha illaallooh
Lapad nu ngagalura awor jeung sora ceurik
Nu hese dipingit-pingit
Ngagiring rasa miris
Ati nyeri lir diiris hinis
Najan beungeut manco
Mawa rasa siga nu jago
Waruga nu salawasna ngogo
Ayeuna rek mawa poho
Mimiti narik tina tungtung jariji
Ebreh katingali semu nu nyeri
Renghap beuki beurat nyingratkeun kateukuat
Rindat nu nu nyumirat ngadung isyarat
Nu kedal ukur cimata
Ngajajap Ema kana baka
Renghap suda dina dada
Ngajaga lapad paya teu pegat
Laa ilaa ha illaallooh
Reup peureum, leungeun sidakep
Ngajurung nyawa ka alam langgeng
Jeritna ati parat ka langit koceakna parat ka mega
Inna lillaahi wa inna ilaihi rooji'uun
Gusti nu Maha Suci
Mangga tampi ema abdi
Ema nu di piaji seja mulih ka sajati
Abdi jalmi ukur memedi
Taya bukti nu jadi pimilik
Sadaya kagungan Gusti
Ema
Abdi nampi kana takdir
Narima kana qodar
Rido galih ema mulih
Najan hate ceurik balilih
Harepan doa abdi
Ema ngancik dina karohman Gusti
Ema salawasna di kabagja
Kabagjaan nu sajati
Wilujeng ema
Wilujeng
Gusti. Panoongan. Agustus 23, 2011 (Romadhon 23, 1432H)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar