Rabu, 07 September 2011

Tung tung renghap

Duh Gusti nu Agung
Awaking rasa kaduhung
Mapay polah nu lawas
Ngumbar lampah nu kaliwat
Estu waruga nu taya ma'na
Leungit arti ti bihari
Sosonoan kana dosa
Rumawat kana maksiat



Diri kasungsi ku junti
Ngalunguruk taya kawasa
Beurang ngungudag kalangkang
Peuting ngingintip jungkiring
Jatina ilang dina bangbayang
Nu wujud ukur kahayang

Ayeuna
Mangsana datang
Linglung raga taya amal
Marudah arwah taya ibadah
Suda pamuntang tinu tangtungan
Malakal maot geus manco
Ngajamret nyawa tur maksa
Kahayang ditunda keur samangsa
Rek ngome lengkah jadi nu hade
Jerit leungit taya nu ngarti
Ngoceak ge taya nu ngadenge
Taya kawasa keur menta

Dunya nu dicinta dinyana lana
Natrat nyata ukur saliwat
Nyawa nu micinta raga
Ngarikeun sedih nu kingkin
Nyesakeun harepan nu teu kasorang
Pileuleuyan waruga....

Gusti. Panoongan. Agustus 23, 2011 (Romadhon 23, 1432H)

Tidak ada komentar: