Jumat, 26 April 2013

Cimata Cinta

Naha
Ku teu karasa
Antare pisan
Cimata juuh kana lahunan

Reana tangtungan mimilu ngurus
Ngukur ku itungan henteu ka tangèn
Ciciren dina waruga mibanda màna
Nu ka aku kureana jalma

Mangsa manehna némpokeun kaunian ahéng
Ciri nu lain tisasari
Lian mangsa jeung ayana
Sanajan ngan ukur beja
Nu nyebar saalam dunya

Jauh mun ngukur kujur
Aggang ku sawangan
Tapi teu kitu
Cumantelna rasa ku nikmat
Eta rasa nepi ka anggangan

Beja nu di bawa angin
Namplokkeun ka tugenah rongkah
Netelakeun ku écés
Yen manehna mibanda komara jugala

Ayeuna anjeun geus taya dikieuna
Tapi komara masih ngagalura
Loba umat nu ngarasa lara
Ditinggalkeun maot ku manehna

Anjeun geus mileuleuyan ti kadunyaan
Simpe anteng dina karohiman
Alloh nu gofur ngajadikeun dosa-dosana lebur
Sirna dilindih ku agung na amal

Bral....

(kanggo pangersa uje almarhum)

1 komentar:

Anonim mengatakan...

pamundut,tiasa di seueuran deui karya-karyana...margi asa jarang ningal blog sunda nu tiasa dijantenkeun atikan....